Saturday, February 9, 2019

PIDATO BAHASA SUNDA KELAS 6 SD TEMA PERPISAHAN

PIDATO BAHASA SUNDA KELAS 6 SD TEMA  PERPISAHAN



Assalmu'alaikum Wr.Wb.
Anu dipihormat Bapak/Ibu kepala Sakola SD ..............
Anu di pihormat Bapak miwah Ibu Guru SD .............
Anu dipihormat Sepuh, pinisepuh, miwah tamu ileman acara paturay tineung kelas 6, SD ..........
Anu dipikameumeut sadaya siwa oge siswi SD .............. anu dinte'n ieu bakal paturay pikeun patepang deui sanes waktos.

Hadrin anu dipihormat,
Genep taun urang ngumpul ngariung bongkok ngaronyok, sami-sami nyiar elmu di SD .......... anu ku urang dipika nya'ah, raraosan asa nembe kamari urang didieu ayeuna teu karaos waktosna urang jang mariang deui neang elmu nu leuwih luhung, meiang jang ngudag cita-cita urang sewang-sewangan, ngalengkah ka jalan kahirupan masing-masing, mawa bekeul elmu nu kuurang kengeng salami di SD ..................... ieu.

Hadirin anu dipihormat, 
Dina kasempetan ieu simkuring ngucapkeun mang rebu nuhun kanggo Bapa/Ibu Guru anu parantos ngabimbing simkuring saparakanca salami aya di SD ................, teu aya deui kecap nu pantes kanggo kaluhungan manah Bapa oge Ibu guru nu parantos ngolah akal, ngatur manah pikeun ngabimbing kuring saparakanca, haturnuhun kanggo sagalana, mudah-mudahan sadaya amalan Bapa miwah Ibu kengeng balesan amal sae ti Allah S.W.T.

Hadirin nu dipihormat,
Mangrebu nuhun oge ku simkuring saparakanca di dugikeun pikeun ibu rama kuring saparakanca, haturnuhun parantos ngorbankeun sagalana pikeun kuring saparakanca, haturnuhun pikeun kesangna, haturnuhun pikeun sumange'tna, haturnuhun pikeun kasabaran nana, nuparantos ngajurungkeun simkuring saparakanca pikeun nyiar elmu jang bekeul kuring saparakanca ke wanci sareupna.

Hadirin anu dipihormat,
Dina kasempetan ieu oge simkuring ngawakilan sadaya Siswa/Siswi SD.............. nyuhungkeun mangrebu pangapunten sok bilih manawi salami nyiar elmu di SD ............ ieu ngalakukeun kasalahan di haja atanapi teu di haja, mudah-mudahan panto hampura tiasa di buka sa ikhlasna.

Hadirin anu dipihormat,
Antugna parantos dugi waktosna, pikeun ngucapkeun pileuleuyan ... pileuleuyan ... paturai patepang deui... urang pisah karena Alloh ke tepung oge karena Alloh, salawasna karena Alloh.

Hadirin anu dipihormat,
Dina pamungkas simkuring bade ngucapkeun haturnuhun pikeun sagalana, cekap dugi dieu pidato ti simkuring ngawakilan murid kelas 6, mudah-mudahan urang ditepangkeun deui sanes waktos.

Wassalamu'alaikum Wr.Wb



1 comment:

  1. Numpang promo ya Admin^^
    ajoqq^^com
    mau dapat penghasil4n dengan cara lebih mudah....
    mari segera bergabung dengan kami.....
    di ajopk.club....^_~
    segera di add Whatshapp : +855969190856

    ReplyDelete

POSTER PLANTAE