Friday, February 8, 2019

LEGENDA SANGKURIANG DALAM BAHASA SUNDA


Dongeng Sangkuriang




Jaman kapungkur aya hiji putri raja anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina, kageulisan nana kasohor kamana-mana, seeur pisan raja sareng pangeran anu hoyong ngajantenkeun anjeuna Istri, nami putri etateh Dayang Sumbi dupi ramana Raja Sumbing Perbangkara.

Kumargi Dayang Sumbi ngaraos cape ku kaayaan nana nu jadi matak rebutan pameguet dumukna Dayang Sumbi nyungkeun widi ka ramana pikeun ni’is di leuweung, dina paniisan nana Dayang Sumbi direncangan ku anjing, ngaran eta anjing teh Si Tumang, Si Tumang satia maturan Dayang Sumbi salila di pani’isan.

Pagawean Dayang sumbi salila di Pani’isan teh nyaeta nenun, dina hiji waktu solongsong Lungsin (alat tempat pengumpul benang untuk menenun) murag ka kolong palupuh, kumargi palupuhna pendek Dayang Sumbi teu tiasa nyandak eta solongsong benang (Lungsin) teras dina kaayaan  duka kunaon harita Dayang Sumbi kekecap teu di emutan heula, kecapna “sing saha nu bisa pang nyokotkeun eta salongsong mun istri rek dijadikeun dulur mun lalaki rek di jadikeun salaki” kecap Dayang Sumbi jentre pisan dugi antugna jadi sumpah, teu lami jol si Tumang datang bari mawa salongsong benang anu murag tadi, salongsong benang di gegel ku si Tumang terus di pasikeun ka Dayang Sumbi, Dayang Sumbi satengah reuwas ray emut kanu kecapna tadi, dina hatena ngaharewos “Piraku kuring kudu kawin jeung anjing?” Dayang Sumbi tetep pancek niat nedunan sumpahna, teu kungsi lila si Tumang anu ngade’g hareupeun Dayang Sumbi ngadadak ngajirim rubah jadi hiji lalaki Kasep, Dayang Sumbi pohara kagetna nempo eta kajadian, singhoreng si Tumang the mangrupakeun jelmaan Dewa, antugna Dayang Sumbi jeung Si Tumang nikah, duanana cicing di leuweung tempat paniisan Dayang Sumbi.

Waktos teu karaos asa nyerelek, akhirna Dayang Sumbi jeung Si Tumang gaduh putra pamegeut, eta putra dinamian Sangkuriang, Sangkuriang di didik elmu kanuragan ku bapakna nyaeta si Tumang, di alit dugi ka ageing Sangkuriang salawasna di baturan ku Si Tumang, Sangkuriang teu apal yen SI Tumang the sabenerna bapa’ na, ari pangresep Sangkuriang teh moro, moro mangrupa-rupa sato di leuweung, elmuna luhung teu saperti jalma biasana, hiji waktu Dayang Sumbi aya pamenta ka Sangkuriang, Dayang Sumbi menta Sangkuriang pang morokeun mence’k (Kijang) dayang sumbi menta hate Menc’euk (jantung kijang), Sangkuriang mangkat dibarengan Si Tumang, niatan nedunan pamenta nu jadi indung, mangkat ti subuh nepi ka beurang tapi sapopoe can manggihan mence’k hiji oge, panon poe beuki doyong ka wetan, Sangkuriang beuki pondok hareupan bisa nedunan kahayang Dayang Sumbi, teuing setan naon anu harita ngancikan ka Sangkuriang, pikiran goring Sangkuriang datang, harewosan jang maehan si Tumang kuat ngancik kana hate Sangkuriang, piker Sangkuriang “Urang ala wae hatena si Tumang, ke tinggal bebeja wae eta hate mence’k” teu piker panjang deui Sangkuriang manah si Tumang, terus hatena di ala di bungkus daun jati, terus dibawa mulang.

Dugi ka bumi Sangkuriang teu seeur carios, saperti biasana mulang moro sangkuriang meresihan hasil boroan nana, terus di asakan jang nyayogian Dayang Sumbi, hate si Tumang di asakan terus di suguhkeun ka Dayang Sumbi, Dayang sumbi kawilang bungahna kusabab naon anu dipikahayangna kacumponn ku Sangkuriang, teu mikir lila eta hate nu di suguhkeun ku Sangkuriang langsung di tuang, naming dina letah Dayang Sumbi rasana rada beda, “Sangkuriang, naha ieu hate mence’k teh rasana teu siga biasana?” taros Dayang Sumbi ka Sangkuriang, Sangkuriang teu ngajawab ngadon jongjon wae sibuk meresihan jamparing, “Eh, Sangkuriang, ari si Tumang mana, asa teu nempoan si Tumang di tadi?” Tanya Dayang Sumbi deui, bari nempo ka Sangkuriang, Sangkuriang mimiti katempo rada gugup bari tungkul, antukna Sangkuriang carita yen hate nu di asakan etateh hatena si Tumang, Dayang Sumbi kawilang ambekna, sedih jeung ambeuk campur jadi hiji, dina kaayaan kesel Dayang Sumbi ngajewang sinduk anu djieuna dina kai, eta sinduk satakerna di takolkeun ka Sangkuriang, nepi kaluar getih dina sirah Sangkuriang, Sangkuriang ngarasa malik ambek ka indungna, terus teu antaparah deui Sangkuriang indit ninggalkeun Dayang Sumbi, Sangkuriang indit mawa kanyeri dina hatena, piker Sangkuriang “naha indung urang leuwih nyaah ka anjing timang ka urang nu jadi anakna?” nepi harita Sangkuriang can apal yen si Tumang the bapa na.

Waktu terus nyerelek, Dayang Sumbi nyimpen rasa hande’eul dina hatena, ayeuna Dayang Sumbi kaleungitan salaki oge kaleungitan anak, dina rasa hande’eul eta Dayang Sumbi menta ka Dewa supaya Dayang Sumbi di tepungkeun deui jeung Sangkuriang anu jadi anakna, Dayang Sumbi oge menta supaya rupana tetep teu robah, supaya lamun Sangkuriang teu poho lamun e’ngke nempo Dayang Sumbi, kabeh pamenta Dyang SUmbi di tedunan ku Dewa, rupa Dayang Sumbi teu robah malihan kaciri beuki ngora wae, samentara Sangkuriang ngalanglang buana, ngumbara teu puguh tujuan, mangrupa-rupa elmu kaweruh jampe pamake di teuleuman ku Sangkuriang, nepi ka akhirna Sangkuriang jadi jawara nu sakti mandraguna, bisa ngawasaan jalma oge jin.

Dina hiji waktu Sangkuriang anjog ka hiji leuweung, dileuweung eta sangkuriang manggihan hiji imah nu di cicingn ku hiji wanoja, sangkuriang ngarasa kapentang asmara ku wanoja eta, cindeuk carita Sangkuriang ngadeukeutan wanoja anu reseup ninun, teu nyana wanoja etateh namina Dayang Sumbi anu sabenerna indungna Sangkuriang, tapi sangkuriang tos poho ka Dayang Sumbi, tapi hate leutik Dayang Sumbi ngarasa mun lalaki nu aya di hareupeun nana the Sangkuriang, Sangkuriang anak na nu ngan hiji-hijina anu kabur basa baheula, tambah deui kayakinan Dayang Sumbi waktu nempo aya urut tatu dina sirah Sangkuriang.

Sangkuriang boga paniatan jang ngapiistri Dayang Sumbi, pinuh kayakinan Sangkuriang ngajak nikah ka Dayang Sumbi, tapi Dayang Sumbi nolak pangajak Sangkuriang, malah Dayang Sumbi ngajelaskeun yen Sangkuriang the anakna, tapi Sangkuriang teu daek percaya kanu caritaan Dayang Sumbi, piker Sangkuriang lamun enya eta Dayang Sumbi indungna piraku beungeutna sakitu ngorana, umurna siga anu teu beda jauh jeung Sangkuriang, saeutik oge Sangkuriang teu percaya kanu caritaan Dayang Sumbi bari keukeuh hayang nga nikahan Dayang Sumbi, Dayang sumbi antugna kapaksa narima pangajak Sangkuriang tapi Dayang Sumbi mere syarat, syaratna Sangkuriang kudu bisa mang nyieunkeun bendungan anu gede sareng parahu jang lalayran nana, eta bendungan jeung parahu kudu beres dina waktu sapeuting, batas waktuna nepi ka aya sora hayam kongkorongok, Sangkuriang teu gimbir manehna langsung nyanggupan pamenta Dayang Sumbi.

Sangkuriang ngumpulkeun wadya baladna di kalangan jin, ku elmuna kabeh mahluk nu aya dina panakluk manehna di kumpulkeun, kabeh kabutuhan jang nyieun bendungan jeung parahu disiapkeun, di mimiti panonpoe rek surup kabeh wadya balad Sangkuriang di parentahkeun jang nyieun parahu jeung bendungan, batu-batu gede di angkatan ku pasuka jin wadya balad sangkuriang, waktu beuki nyerelek, sangkuriang jeung wadya baladna teu pegat-pegat nganggeuskeun paniatan nana, Dayang Sumbi ngan bisa ngado’a sieun paniatan sangkuriang ka laksana, antugna Dayang Sumbi menta ka Dewa supaya aya jalan jang ngagagalkeun pagawean Sangkuriang, teu lami turun wangsit supaya Dayang Sumbi nakolan lisung jeung halu, Dayang Sumbi ngajalankeun ilham di Dewana, Dayang Sumbi nakolan lisung jeung halu, sorana tarik kulantaran lamun peuting sora simpe, teu lila sora hayam nyora sok sanajan waktu can subuh, hayam jalu kongkorongok kusabab kageuingkeun ku sora haluna Dayang SUmbi, teu antaparah deui kabeh jin karabur ngadenge sora kongkorongok hayam, pagawean anu ampir beres di taringgalkeun, sangkuriang nu keur nganggeuskeun nyieun parahu reuwas campur jeung ambek kulantaran kabeh baldana karabur sae’nggeusna ngadenge sora hayam kongkorongok, saking keselna sangkuriang najong parahu nu keur di bereskeun kumanehna, terus eta parahu di tajong ku sangkuriang teh ngalayang ngapung, ari ragragnateh nangkub, terus eta sangkuriang nu keur pinuh amarah neneangan Dayang Sumbi, dina sabagian carita aya nu nyebatkeun Dayang Sumbi akhirna luncat kana jero bendungan nu di jieun ku Sangkuriang, aya oge nu nyebutkeun Dayang Sumbi tilem ku cai bendungan anu di bedahkeun ku Sangkuriang, jeung sangkuriang akhirna luncat oge kanu bendungan nu di jieun kumanehna sorangan, aya oge nu nyebutkeun sangkuriang luncat ka gunung burang-rang, namung nupasti akhir dina carita ieu nyaeta parahu anu di tajong ku sangkuriang akhirna jadi gunung anu ayeuna biasa disebut Gunung Tangkuban Parahu, tangkal anu di tuaran ku sangkuriang kiwari disebut Gunung Bukit Tunggul (Tunggul = Sisa Pohon bagian bawah Yang DI tebang) anu ayana di Bandung Kaler (Bandung Utara) lokasina ayeuna aya di daerah curug maribaya kaluhur ngaliwatan batuloceng, Gunung Bukit Tunggul jadi Gunung pang luhurna di daerah Bandung Utara, terus Dayang Sumbi aya nu nyebutkeun oge patyilasan nana ayeuna jadi hiji gunung alit anu di daerah Lembang disebutna Gunung Putri.

Simkuring anu kaleresan asli ti Lembang kengeng sababaraha fersi dongeng ahirna Sangkuriang, namung nupasti alur caritana ampir sami, sareng nu paling penting urang tiasa nyandak hikmah dina dongeng ieu.

Kitu silsilah Sangkuriang anu bade di dugikeun ku Copy Anugerah, mudah-mudahan tiasa manpaat, bilih aya carita anu kirang pas simkuring neda hampura, cindeknamah mudah-mudahan ieu dongeng tiasa janten pangemut jang urang, yen urang kudu hormat jeung taat kanu jadi indung, do’a indungteh kawilang matihna.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.





1 comment:

  1. Numpang promo ya Admin^^
    ajoqq^^com
    mau dapat penghasil4n dengan cara lebih mudah....
    mari segera bergabung dengan kami.....
    di ajopk.club....^_~
    segera di add Whatshapp : +855969190856

    ReplyDelete

POSTER PLANTAE